Cinta Segitiga Maut

Keur basa poe minggu kamari warga kalurahan gedong dalem kacamatan purwakarta cilegonmah gegeur ku ayana kajadian pembunuhan anu dialaman ku hiji pambnatun rumah tangga ngarana Cinta Wati (21), warga Gunung Sari, Kecamatan Gunung Sari, Kabupatan Serang.

Geger namah sabab mayit cinta wati kanyahoan geus ngambang dijero sumur nu aya dikalurahan gedong dalem, eta geh kapanggihna geus saminggu kemudian ku budak dodolog anu harita keur ulin dideket eta sumur anu emang dikenal sebagai sumur tua.
Kiyeu caritana, keur basa poe minggu 16 september 2012, palaku nyaeta mang sarkani alias rudi watriiing!! Mawa korban make motor metik ka parampatan jalan anu teu jauh tiimah korban, kira2 jam tujuh peutinglah.

Sanggeus eta palaku mawa korban ka area persawahan anu oge teu jauh tiimah korban. Didinya mungguh namah si cinta iyeu menta pertanggung jenaban palaku sabab geus nyieun reneuh korban, 3 bulan umur kandungana. Teuing kumaha boa eta singket carita si palaku mbungeun bertanggung jawab.

Salila ngobrol eta mang sarkani tea muka baju singletna, teuing baringsangeun mereun nyah….kira2 jam 8 peuting eta mang sarkani ujug2 meulitkeun baju singletna tea ka beheng korban. Sampe korban ngalumpuruk teu walakaya. Tapi najan geus kitu, palaku teteup keneh mahalaaan korban dengan cara mateuhkeun suku balh kirina, atu batur ninggal harita geh..hmmmh….nu kiyeu yeuh nu kudu dibantaimah…harrruuuh…hayang ngeunahna doing tiing batiiing…ulah ngala ta kaanak oncu…

Nyaho korban geus ninggal, palaku kalah ka moretelan perhiasan korban, geus beak perhiasana dicokotan, korban dijebruskeun kajero sumur tua nu aya didinya. Laju ditutupan ku make daun kalapa.

Tidak ada komentar

Diberdayakan oleh Blogger.