Warga Teluklada Puasa “Mandi”

Dibalik kesusahan pasti aya hikmahna, jiga nu terjadi di desa teluk lada kacamatan sobang, anu hamper sakabeh wargana kapaksa ngaluarkeun anggaran leuwih jang meuli cai. Sabab warga didinya geus babaraha bulan iyeu hese cai akibat usum halodo anu panjang jiga kiwari.

Ceuk salah sahiji warga didinya mang yadi, warga diteluk lada the kapaksa meulian cai sapoe na 5 jarigen anu eusina aya lah 20 leteran mah, eta sajarigena 2 rebu…dikali 5 jarigen dikali sabulan, coba ku teteh itung kudu nyayagikeun sabaraha duit ciba jang cai doing eta the…heu-euh nyah

Lamun teu kitu atu aya bejana kami teu mandi2, aya cai Pam geh didiyeu mah ja ngadon teu kapake sabab cai na asin the. Mangkana warga didiyeumah geus babaraha kali malem jum’at puasa bae, ja kami teu bias mandi the….waduh!!! maksudna…hahaha….mangkana the wayahna bejakeun eta kana pihak terkait sangkan geura ngirim cai beresih kadiyeu, ja kami asa kumaha tea nyah puasa bae unggal malem jum’at…iii…teu ngaradig!!

Tidak ada komentar

Diberdayakan oleh Blogger.