Tangkal rangdu membawa duka



Keur basa poe minggu kamari caritana aya budak dodolog untuy2an ti arah menes rek ka jiput make motor mun ceuk bahasa keren namah konvoy kitu la. Teuing eta geus ti marana boa, jigana mah geus maraen bola eta. Tadinamah teu nanaon. Tapi pas nyampe jalan antara menes-jiput tepatna dikampung tamansari eta geun pas jambatan susukan apuk desa muruy.
Salah sahiji anu mawa motor untuy2an tea ujug2 katindih tangkal rangdu Arif Rohman ngarana umurna ayalah 22 taunan mah. Akibat katindih tangkal rangdu anu ceunah emang geus kolot umurna eta warga kampung kadu dahu kacamatan cikedal iyeu ninggal. Inna lillahiii…..skaitu na nyah umur jalema..

Kiyeu kronologisna….Ceuk salah sahiji warga anu mbung disebutkeun ngarana, korban ninggal kupedah tonggong jeung huluna katindih eta tangkal rangdu anu geus hayang sare mereun nyah. Pas nempo almarhuma katindih tangkal rangdu, babaturana anu harita iringan2an ting culinghak kaget bari ciiirrr mawa korban ka puskesmas, tapi karunya na korban henteu katulungan….inna lillahiii….

Tidak ada komentar

Diberdayakan oleh Blogger.