Raskin Serba Salah



Keur itu warga cikatapis lebak anu ngangluhkeun soal gorengna beas raskin, iyeu aya deui warga kampong kokok desa muruy menes anu ngangluhkeun soal gorengna raskin, kula jadi bingung jeung serba salah…sabab ti Bulog namah geus negeuskeun yen beas raskin anu dikirim ka desa2 penerima jatah Raskin eta kualitasna bagus, teu kacara baheula geus mah hapeuk, warna warni teu ngeunah didahar deui…tapi sabarang kepala sub divre nag anti mah ja kualitasna rada robah, minimal henteu hapeuk bin melekmeuk tea warna. 

Kula bingung namah iyeu kasalahana ti Bulog na atawa ti kantor desa na, sabab pihak Bulog mah negeuskeun yen kualitas beas raskin kiwari mah geus terjaga. Bahkan ayana aduan warga kampong kokok langsung ditindak lanjuti ku pihak bulog dengan cara ngaganti eta beas anu diangluhkeun tea dengan beas anu bagus. Hmmmh….Harese oge nyah mun kitumah…

Kiyeu bae pak, engke2 mah mun rek nganterkeun beas raskin ka desa2 aya hade na ku Bulog dicolokan tea make cocolok beas, maksudna ditempoan heulan eta beas nu dikirim bagus ta henteu…sangkan ulah aya pakisruh jiga nu enggeus2 pak….lamun ti bulogna bagus tapi pas ditarima ku warga goreng, apanan kanyahoan mereun eta salahna dimana…ting toooong….heheheeeee….

Tidak ada komentar

Diberdayakan oleh Blogger.