Pasar Labuan Pabuliksak!!

Kula moal bosen2 ngomongkeun soal kondisi pasar Labuan anu sangat indah dan nyaman, saking indah jeung nyamana sampe sampe pak kartama ngoceh bae di kumaha iyeu…heheeee….
Mun kaka teteh anu sok balanja ka pasar Labuan mah geus teu aneh kana kondisi pasar Labuan anu pabeulita bin pabuliksak..dasarmah padagangna doing pengungsi ditambah deui ku loba na tumpukan runtah, mending runtah jiga dipabrik duit mah nyah…bias didaur ulang, iyeumah runtah na sesa sayuran, jeung sagala hehoh..anu mun dilewat beh sapoe dua poe beuuuh…seungitna alabatan minyak kasturi!! Meuni meledeuk!! Komo nu dipasar lauknamah…oyuhan tar ok nu bias barang dahar didinya….

Najan kondisi jalan blah pasar lauk jero pernah dipavling blok anggeur bae ja nyah, eleh ku cai mah….ku cai hujan bae geh aur komo eta ku cai laut anu kabawa ka tong lauk….anu marurag deui tamah bahkan tidak terlihat mana pavling mana taneuh ja saking ku hideung! Na….

Kitu oge jalan anu blah took beas pak kartama, keur itumah satacan bulan puasa tea rada mending sabab karak diurug ku muspika Labuan khususna danramil Labuan make batu hasil pamere PLTU Labuan. Tapi kiwari mah geus balik deui bae jiga baheula mulai barecek….kula teu ngabayangkeun kumaha mun usum hujan nyah…mangkaning sakeuedeung deui….hadeuuuh….

Tidak ada komentar

Diberdayakan oleh Blogger.