Listrik naek, pengusaha ting koceak



Pamarentah geus ngetok palu yen nu ngarana tarid dasar listrik alias TDL taun hareup bakal dinaekeun! 15 %....najan secara bertahap geh naekna tapi nu ngarana kanaekan listrikmah pasti dampakna bakal dirasakeun ku masyarakat luas, wabil husus ku rakyat nu teu mampu. Bahkan ncan nanaon geus aya wacana para pengusaha bakal ngalakukeun pemecatan hubungan kerja secara besar2an mun enya eta pamarentah anggeur ngajalankeun kaputusana nganaekeun tariff dasar listrik taun hareup. 

Ceuk salah sahiji padagang sambako dipasar Labuan, mang yudi ngarana, manehna ngaku hawatir mun bener eta TDL bakal dinaekeun. Sabab nu enggeus2 geh teeh…..geus nyieun dagangan kula turun darastis nepi ka 70%. Sabab nu meuli ka tempat kula iyeu the, lain pajabat, lain orok beunghar, ngalainkeun warga anu panghasilana leutik, jiga tukang beca, tukang ojeg, padagang asongan, kuli jeung buruh panggul dipasar. Anu biasa mun meuli beas eta paling geh tilu leter, mun bener eta TDL naek aya bejana batur ngan mampu meuli beas saleter satengah doing mereun the..mangkaning kiwari bae geh harga beas rada lumayan, nu bagus eta 6500an saleterna the…huuuuh…nyah karerok oge mun kitumah…

Tidak ada komentar

Diberdayakan oleh Blogger.