Kasurupan gara2 tangkal jengkol



Keur basa poe rebo isuk, guru2 nu ngajar di SMAN 1 gunung kancana lebak dikagetkeun ku ayana kajadian kasurupan nu nimpa puluhan siswa didinya. Padahal harita eta puluhan siswa tea keur balajar diruangana. Ayana kajadian eta atu otomatis nyieun kagiatan balajar disakola eta jadi kaganggu. 

Awalnamah nu kasurupan ngan saurang, tapi situasi mangkin pabeulit kulantaran ayana jumlah anu kasurupan mangkin ngalobaan. Cenah ceuk beja ayana kasurupan eta gara2 tangkal jengkol nu aya dihareup sakola eta ditebang. Wadooooh!! Aya aya bae nyah…teu ijin heulan badeng kanu nu ngeusi…

Ceuk Wakil Kepala  sakola Eri Fahrudin, sabener namah kasurupan samodel kiyeu geus sering the, lain karak iyeu doing. Jigana eta akibat ditebangna tangkal jengkol nu dipelak dihalaman sakola the. Ceuk warga didiyeumah emang tangkal jengkol eta aya nu nangguan. Tuuuh kan….

Tidak ada komentar

Diberdayakan oleh Blogger.