Akibat Usum Halodo



Ayana Bencana alam kemarau anu cukup lojor.. sudah sangat dirasakan dampakna ku sebagaian warga anu rada jauh tina pagunungan.. dimana sabagian warga kabupaten pandeglang geus ngarasa pohara kasulitana dina masalah neangan cai.. sampe aya anu rela meuli cai sagala pikeun kabutuhan hirup sapopoe..
Poe Kamari Kula Ngulampreng ka hiji lembur ngarana kampong Lebak Buah desa citeureup kacamatan Panimbang.. Anu katelah kampung lebak rangda… 
 
Kula ngalongok hiji imah milik Ibu Aswi anu Imahna nempel jeung  majlis Taklim.. Di imah nyi aswi kabeneran aya nyi ratih anu ngadon nilepan pakean anu kakarak garing tas dipoe.. sa anggeusna kula uluk salam Kula nanya kabar ka nyi aswi.. Kumaha Buu.. ibu Cageur.. ditanya kitu Kunaon eta Nyi aswi kalah ka rubah rebeh jiga nu sedih.. bari ngomong kieu.. puguuh ibumah  keur saredih yeula ndiiil….  SeDih kumaha Bu.. puguh eta.. dasarmah hirup ngan sorangan.. bari jeung boro-boro leumpang kajauh.. leumpang kapipir imah geh rugag rigeug.. mun ceuk deungdeungeun teamah ieu ibu disebutna nyi jompo.. katurug turug garati caiii.. boro – boro jang mandi 3 kali sapoe.. jang ngalawudu geh hareseeee.. ndiill.. kumaha ieu geus kieu…  

ngaliwet geuh caina ukur sagelas.. katambah beasna kadang manggih kadang hanteu.. kumaha atuh geus kieu..?? Kitu ceuk nyi aswi bari biwirna anu hideung ku seupah.. nyarios semu ngagidir bakating ku sedih..
Nyi Ratih anu keur nilepan Baju.. ilu nyarita.. enya ka ndil.. ieu kami mun haying meunang cai atuh kudu ngemplad leumpang ka Calingcing beh ditueun pasar citeureup anu jarakna lumayan ngesang kana awak.. enya nu baroga motormah ngareunaheun.. ari kulamah kumaha.. ja bisa geh hanteu eta ngajalankeun motor.. atuh akhirna nikreuh demi meunangkeun cai.. bari jeung siling tungguan jeung deungdeungeun.. 

Baretomah keur jaman pa Enjat Jumeneng kenehmah kami sok dibere cai sababaraha tengki.. ngan kuarimah kudu kamana kami menta.. kasarna cai anu semu asin geh  di gaur ka wadil.. kitu ceuk te ratih.. bari ngagibrig-gibrigkeu baju anu ba sireuman…

Tidak ada komentar

Diberdayakan oleh Blogger.