Akibat Usum Halodo Jilid II



Masih Ngomongkeun Dampak Halodo Panjang.. Sababaraha poe katukang kula ngahaja ulin ka kampung seuti  jeung cimahpar  masih kacamatan panimbang… maksudna kula rek nganjang ka imah kang Roland Anu boga Sound System di kampung seuti.. barang dating ka lembur cimahpar kula.. maman jenggot jeung sarombongan kapaksa kudu turun tina mobil.. maksudna rek ngadorong mobil kusabab jalana nanjak jeung taneuhna barubah jadi lebu anu ngebul mantak kulapoan kana awak.. 

sabab eta jalan di kampung cimahapar nepi ka seuti.. tacan aya sentuhan pembangunan jalan jiga daerah deungeun.. sahengga lamun halodo jiga kiwari lamun leumpang suku matak hauk kana suku jeung kana baju.. lamun tumpak motor mantak bengek sabab ngebul anu atakabeng.. sakabeh tatangkalan nu disisi jalan rubah warna jadi koneng kaciklat-coklatan… MIRIP JEUNG HUNTU ANU TELOK DISIKAT.. Gubrag.. 

Kondisi anu sarua terjadi di jalan antara wates kacamatan cigeulis.. nepi ka lembur cengkok, Buluh Tagelan hingga cijaralang desa cijaralang.. nalika kula ulin ka lembur bapak sobandi bapana si asep lukis.. kabeneran tumpak motor.. masker anu pake ku kula rubah warna jadi baok ponuh ku taneuh ngebul… Sabab didaerah eta sarua tacan kasentuh kunu ngarana aspal atawa hotmik komo betonmah.. malah ceuk siasep lukis lamun usim hujan dating.. kapaksa mun dek sakola kudu sataranjang  ti imah keneh.. 

sapatu naek kana taktak.. calana Nyingsat.. baju nyungseb kana jero tas.. sabab inggis lkabelokan. Kitu kaayaan eta ddi cimahpar, jeung seuti.. ccijaralang jeung sajabana..  Padahal eta warga kabeh geh isok malayar pajeg.. tapi kenapah jalannya begituh sajah yah..  Usim Hujan Sangsara ku Lodokna.. usim halodo bararengek… Kasian deh gueh..

Tidak ada komentar

Diberdayakan oleh Blogger.