Proyek Betonisasi Nyieun Rungseb


Cimanuk - Keur basa poe salasa kamari Puluhan kandaraan di sapanjang Jalan Pandeglang-Labuan tepatna di Kam­pung Goyang Lidah, Kcamatan Cipeucang sampe ka kampung Nyi Mas Ropoh, Ka­camatan Cimanuk kajebak macet. Kamacetan iyeu kulantaran ayana proyek betonisasi nu dilakonan di sa­panjang jalan nu disebutkeun ku kula tadi. Ironisna najan didinya macet tapi teu katempo ayana petugas ti kapolisian anu ngatur arus kandaraan. Ngan aya geh babaraha pagawe pro­yek jeung masyarakat anu turun tangan ngatur sistem buka tutup jalur.

ceuk salah sahiji pengendara anu harita kajebak macet mang Hadi, kula man iyeu the hawatir kondisi jiga kiyeu bakal terus nyampe ka lobaran, beuuh mana teuing mereun nyah….poe biasa bae geh jiga kiyeu komo lobaran loba jalema nu marudik…masih ceuk mang hadi, biasa namah the mun jalana normal mah ti cipeucang ka pandeglang eta paling geh 25 menit make mobil, iyeumah kowat leuwih ti satengah jam, ckckckck rungseb kula mah teh….teuing mang lumayan jang ngabuburitmah meh teu karasa…hihihi….

Tidak ada komentar

Diberdayakan oleh Blogger.