Motor matic Vs Losbak


Keur basa malem kemis kamari, warga citeul dikagetkeun ku ayana kacilakaan anu terjadi pas dihareup radio Krakatau. Karak geh kamarina aya jalema anu nyungseb sampe biwirna jontor kusabab nyium aspal jalan nu sarua, iyeu peutingna kalah ka aya kacilakaan anu parah.
Ciateul (Lbn) - Ceuk satpam radio Krakatau mang yudi, kajadiana eta aya kira2 jam 10 lewat 20 menitmah…tadinamah kami keur ngajengjehe nyarantai dijero, ari kunaeun aya sora ngebeldeug basa jam 10an peuting, pajarkeun sora peletasan sing horeng sora ban betus. Atu kami aber acir kalaluar, Pas ditempo horeng Kacilakaan anu ngalibatkeun motor metic jeung mobil kijang buntung.
Masih ceuk mang yudi, eta motor arahna ti carita keun pas tikungan nu dihareup radio Krakatau tea the aya mobil kijang buntung ti arah pandeglang keun, atu beuk bae ngadu kebo, atu ngaguling harita oge nu mawa motormah ngagaloler dijalan…akibat kajadian eta motor metic ban na penyok, ari mobil kijangmah ban na sarua deui malihe alias asup kajero.
Harita oge nu mawa motormah langsung dibawa ka puskesmas teuing eta salamet henteu namah ja harita keur kajadian ngagoler barijeung nangkub posisina teu usik saeutik2 acan. Samentara eta ceuk satlaka lantas polrest pandeglang AKP. Firdaus, soal kacilakaan anu ngalibatkeun budak Sakola disalah sahiji SMK nu aya dilabuan iyeu nyaeta Arif 18 taun warga kampong jaha masjid desa sukamaju Labuan, samentara nu mawa mobil eta ngarana muhamad amin warga kampong taulandu desa caringin Labuan.
Sampe kiwari pengendara nu terlibat ncan dimenta katerangana sabab masih ngajalani proses penyembuhan diimahna masing2, karena luka nu diderita hanya luka ringan doang, paling dua atawa tilu poean deui..tah engke dina pamariksaan kanyahoan the eta nu terlibat kacilakaan dalam kondisi cageur jeung sadar ta henteu…kitu ceuk pak firdaus….

Tidak ada komentar

Diberdayakan oleh Blogger.