Jalur Saketi Jadi Titik Kamacetan


Saketi - Akses lalu lintas dijalur wilayah Saketi-Menes diperkirakeun bakal jadi titik kamacetan anu pang parahna dina usum mudik lobaran engke. Sabab kondisi jalan dijalur eta sampe saiki acan keneh rengse jeung masih dina tahap perbaikan. Ceuk salah sahiji warga mang dulkamid, kiwari bae geh the, anu volume kandaraana masih saeutik sering mandeg nu ngarana kandaraan, komo engke mun usum mudik anu geus bisa dipastikeun jumlah kandaraan anu lalar liwat dinya loba, beuuh mangkin kaparahaan bae tamah jigana. 

Ngan emang dina posisi kitu teu katempo petugas ti kapolisian, tapi untungna eta didinya loba petugas pengatur jalan anu liar mun ceuk orok cimanukmah pak ogah tea the… najan disisi lain kula sok ngarasa kesel geh eta ka pak ogah sabab kudu ngaluarkeun duit jang upah maranehna ngatur jalan bari jeung maksa tea tapi ayana pak ogah didinya kulamah terus terang ngarasa kabantu, sabab maranehna bisa ngaturkeun arus jalan jeung bisa ngurai kamacetan anu dubilah ngeseulkena, pokonamah lewat dinya eta teu laku mun urang keur buru2 tea the, mantak sutresss...kitu ceuk dulkamid…

Tidak ada komentar

Diberdayakan oleh Blogger.