Jalan Stadion Badak Pandeglang Ajurrr


Pandeglang - Pajar kula mah nu sering diangluhkeun jalan nu aya diselatan doang nyah, sing horeng jalan2 nu aya diibu kota kabupaten geh sarua bae. Salah sahiji na Ruas jalan anu rek ka arah stadion Badak Pandeglang di Kampung Kuranten, Desa/Kelurahan Majasari, Pandeglang anu kondisi na ruksak bari jeung barolong. Kondisi eta diangluhkeun ku warga nu sok ngalewatan jalan eta. Anehna jalan eta terkesan diingkeun sabab ruksakna eta jalan geus aya sataunan leuwih.
akibat gorengna eta jalan, loba warga anu ngalami kacilakaan, ja ku hindaran jalan barolong tea mereun nyah. Ceuk salah sahiji warga didinya mang imat, satacan ruksak eta the, jalan didiyeu sok jadi langganan cai nyangkrung nu datangna ti luhur, ditambah deui didiyeuna eweuh saluran pamiceunan cai alias drainasean. Atu tadinamah jalan iyeu pang bagusna the, hitam mulus tea aspalna, tapi kupedah perawatana kurang ahirna jalan didiyeu ruksak parah. Hmmh….karerok oge nyah..jalan dikota eta padahal..

Tidak ada komentar

Diberdayakan oleh Blogger.