Bonteng Puan mawa berkah


Labuan - Geus jadi kabiasaan mun unggal bulan puasa eta nu ngarana timun suri alias bonteng puan pasti aya! Kula geh kadang teu beak mikir pan bisaan nyah, eta unggal puasa dating bonten puan geh panen. Kumaha melakna eta nyah bisa bareng kitu….
Kulamah teu kabayangkeun kumaha jadina mun puasa tanpa bonteng puan, asa teu kelar tea nyah…pokonamah buah anu ngan bisa dipanggihan dina bulan puasa iyeu kiwari mah ambalayah komo dipasar2 hususna pasar Labuan..beuuuh….numpuk!! 

saking ambalayahna tempat pamiceunan runtah geh dipasar Labuan dihabeuk bae dipake dagang bonteng puan, mun keur itumah keur basa can mulai puasa eta bonteng puan 5 rebu geh menang 3 hulu. Tapi kiwarimah eweuh teu menang…paling murah eta 6 rebu sahuluna…biasa tea pan hokum pasar berlaku….eta padagang bonteng lumayan bebenangana aya nu sajuta saminggu, aya oge anu tilu poe doang dagang bonteng puan bisa menang kauntungan sajuta. 

Bonteng puan eta lamun ditempo tina mangpaat namah emang bagus jang pencernaan oge mengandung loba vitamin A, jadi lamun urang loba ngadahar bonteng puan insya allah mata jadi cenghar jeung sehat. Komo dibulan puasa jiga kiyeu….ngan wayahna mun ngadahar bonteg puan eta ulah dina kondisi beteung keur ponuh….mantak kembung…laju ke kamangkaraan teu taraweh beh…heheeeee…

Tidak ada komentar

Diberdayakan oleh Blogger.